Senin, 16 Maret 2015

HUJAN POYAN

HUJAN POYAN
Ku Sky Shucaya

Hujan poyan nu datang pasosore,
Ka eyeuban layung ti tungtung pucuk camara ngahieuman rasa heman ka jirim nu anggang.
Katumbiri nutug ka leuwi tempat bidadari mandi
Ngibas-ngibas sinjang asa ku lenjang,

Langit nu lenglang di reumbeuy ku lengkungna cahaya emas,
Nyalir malela ka tiup angin kakangen.
Raga badag ka simeuhan tiisna hujaan poyan teu hojah nyalingkeur.
Naha nyaah asa beuki marudah dina diri ka wanci nu mustari.

Najan panenjoan teu cukup ku arah impian,
Layung bereum nyalendang dinu taktak nu regas bangun gegeut pisan
Paur baluas turun teu pamit ninggalkeun saukur carita.

Hujan poyan ngalangkangan diri
Tuturkeun lengkah ieu sobat dalit nu
Geus rungsing ku kaayan
Kaleng kuring ka tutugan katumbiri meh bisa pajonghok jeung bidadari nu
Nyolendangkeun salendang kayas.

0 komentar:

Posting Komentar