Senin, 16 Maret 2015

PAGALO RASA

PAGALO RASA
Ku Sky Shucaya

Reup peuting pagalo jeung rungsing
Bray beurang paselang jeung hareudang,
Kamana kudu nyisikeun diri
Hate geus ngarasa bosen pa sirig-sirig
Langit angkeub ngawur-ngawur simpe
Ka sapanjang jalan hirup
Lamunan kukucuprakan di tengah leuwi di awut-awut ku engkang engkang.

Haseup parukuyan beki ngepul ka jomantara,
Asa aheng pangjugjugan,
Ngarogahala panineungan kembang-kembang katresna
Nu ngalakay di tepis wiring,
Angin hideung nyampai dina tepas hareupan durukan nu calacahna ngoleang taya daya eunteup dina dahan nu ngalageuna.

Moal boa teu panggih jeung samporet
Poe isukan,
Keun bae ngan saukur bisa tumasrah ka sagala panakdirna.
Beuki jero naha teteup salira
Ngaruntagkeun benteng nu sajati
Ngadadak mulung bentang tengah peuting bet bisa kalakonan
Ngambah bentang kahontal unggal anjeun amit ka diri.

Tapi sanggeus sagala kalakonan anjeun baluas ngangkat lengkah teu pamit
Tileum ka pengkolan tutugan panineungan
Bet mawa satanggeuyan ros bereum di singgasana lain.
Kudu kumaha ngabangbangkeun hate
Nu digeurih rasa kucewa
Ukur cimata ngalembereh teu karasa ngeclak kanu runtuyan do'a
Kawilujeungan cacap nepi ka dieu.

0 komentar:

Posting Komentar