Senin, 16 Maret 2015

REUMIS CIMATA SORANGAN

REUMIS CIMATA SORANGAN
Ku Sky Shucaya

Hujan peuting tadi anjeun ngajirim
Kumalayang luhureun lamunan,
Kaburu ku seahna hujan samemeh raat.
Naha hate acan keneh angeus repeh
Motong jejer carita katukang.

Kadang nyoba hanjat tina lautan impian,
Ngimpleng ngalanglangan ngalieuk ka tukang,
Ukur ngageurih diri wungkul geuningan.
Dalah kumaha ngabohongan nyata ku kapalsuan.

Lain ku hanjeulu pedah anjeun pernah mawa balayar ka tengah talaga kaheman.
Tapi naha bet tileum di antara bulan sapasi,
Wanci hate geus kariung ku bungah kembang mejeuh peutikeun.
Anjeun ngejat,ngaleos taya basa

ngan nendeun bangbaluh sajeuro ning ati,
Geueuman jalan tapakeun poek mongkleng,
Ka reumisan cimata sorangan.

0 komentar:

Posting Komentar