Senin, 16 Maret 2015

NU MUCICID PASOSORE

NU MUCICID PASOSORE
Oleh Suhandi

Aya nu mucicid
pasosoré, satutas asar
Peuntaseun sakola
Asa kagareuwahkeun puguh gé
Ku guludug nu remen patémbalan
Silih témpas
ceudeum jeung hariwang
Najan kapuket ku girimis
Tapi panginditanana keukeuh pengkuh
Ngajujurung awakna
nu rada rengkung
Geura tepung jeung dalitna
Teu ditolih
Angin nu niupkeun rasa
Tiis satulang sandi
"Emh, dimana nyanéh ayeuna?" Pokna.

0 komentar:

Posting Komentar