Senin, 16 Maret 2015

SAMAGAH KATRESNA


Oleh Ato Paskal

Kacida rongkahna rasa
Mun ingat kana rindatna duriat
Nyeredet hate ting sereset
Nyimbeuh sukma ati nalangsa

Dilak katresna pageuh entreup
Neuteup seukeut nembus jajantung.
Ngahudang ringrang pinuh kamelang
Samagaha tresna inggis ngajadi

Asih urang nu can lila ligar
Kiwari meh peunggas katebak lantaran
Kaduhung hamo bakal manggih tungtung?
Anjeun pundung asa katundung

Asih urang kungsi ngabukti
Lain ngan ukur catur nu ngalantur
Anjeun kungsi wakca
Moal gedag ku ombak
Moal galideur najan bakal nyorang harungan

Geulis....
Hampura akang!!!
Katresna akang
Salawasna moal ilang

0 komentar:

Posting Komentar